Ilustrasi latihan soal ujian sekolah (pexels.com/Tima Miroshnichenko)
i. Bacaan untuk soal nomor 1-4
Daun seureuh
Pikeun urang lembur, daun seureuh téh geus teu anéh deui. Seureuh mah mangrupa tangkal nu
ngarémbét kana tangkal séjéna.
Daun seureuh sok dipaké nyeupah. Kiwari mah, sigana tradisi nyeupah téh geus Iangka.
Daun seureuh bisa dipaké ubar batuk atawa panas tiris. Ngala waé 5-8 lembar daun seureuh nu
geus rada kolot, tuluy dirames-rames méh ancur, asupkeun kana gelas, kucuran cai panas,
ingkeun sawatara jam. Geus rada tiis caina, tuluy inum atawa dipaké kekemu. Hasilna batuk
ngurangan tug nepi ka matak cageur. Nyeuri huntu nu matak nyanyautan ogé bisa cageur
kekemu ku cai daun seureuh. Salian ti eta, ngabiasakeun kekemu ku daun seureuh matak sehat
kana huntu, nyeuri gugusi matak cageur. Komo nu bau sungut mah leuwih mujarab ti batan obat
bau sungut nu disemprotkeun. Daun seureuh ogé bisa dipaké ngubaran panyakit bronchitis,
gangguan padaharan, ngaleungitkeun bau awak, rheumatik, sariawan,ngumbah bisul, arateul,
ngeureunan kaluar getih tug nepi ka ubar jajantung sagala.
Nurutkeun Prof. Dr. H. Hembing, daun seureuh téh geus diaku jadi obat tradisional nu gedé
pisan mangpaatna pikeun manusa
Dicutat tina: Manglé Alit No. 1895
1. Naon nu jadi jejer bacaan tadi téh?
a. Daun seureuh keur ngubaran bau sungut.
b. Daun seureuh di sabudeureun urang.
c. AhIi kaséhatan Prof. Dr. H. Hembing.
d. Mangfaat daun seureuh
Jawaban: d
2. Naon waé ari mangpaat daun seureuh téh?
a. Ngubaran gondongeun, nyeuri panon, jeung nyeri huntu.
b. Ngubaran sariawan, nyeuri panon, jeung ngabersihan totombé.
c. Matak ngahideungkeun buuk, ngubaran nyeri cangkéng, jeung nyeri huntu.
d. Ngubaran bronchitis, sariawan, jeung nyeri beuteung.
Jawaban: d
3. Daun seureuh sok dipaké .... ku kolot baheula mah.
a. Kadaharan
b. Lalab
c. jajamu
d. nyeupah
Jawaban: d
4. Dicutat timana eta bacan teh?
a. Urang lambur
b. Ahil kaséhatan Prof. Dr. H. Hembing
c. Mangle Alit No. 1895
d. Rumah sakit
Jawaban: c
5. Abdi resep pisan kana olahraga, sabab olah raga ……… awak urang.
a. ningkatkeun
b. nyehatken
c. ngadatangkeun
d. Manjangkeun
Jawaban: b
6. Mira resep kana tari jaipongan
Jejer dina kalimah nyaeta kecap....
a. Mira
b. Resep
c. Tari
d. Jaipongan
Jawaban: a
7. Budak téh meni mantangul-mantangul teuing kecap mantangul sarua jeung...
a. Pinter pisan
b. Bodo pisan
c. Nurut pisan
d. Tara nurut pisan
Jawaban: d
8. Carpon nyaeta singkatan tina …
a. Carita panjang
b. Cara Nyarita
c. Carita Pondok
d. Carita polah
Jawaban: c
9. Udin ngabulasin nyepak bal teh.
ngabulasin antonimna tina kecap...
a. Meleset
b. ngenaan
c. nepi
d. Kaleuwihan
Jawaban: c
10. “Di abdi mah kataji pisan kutangkal nu disebutna bunga bangke.
Kalimah diluhur mangrupa conto kalimah...
a. Kalimah langsung
b. kalimah teu langsung
c. Kalimah bewara
d. kalimah Sindiran
Jawaban: c
11. Refan : Dan, abdi mah kataji pisan kutangkak nu disebutna bunga bangke teh.
Dandi : “Bahasa kamari tea? Abdi oge.”
Diluhur mangrupa sempalan tina hiji paguneuman anu poko caritana ngagunemkeun
a. Pangaresep
b. Bunga Bangke
c. Tatangkalan
d. Refan Jeng Dandi
Jawaban: b
12. Jawer Kotok Kaasup kana istilah....
a. Tutuwuhan
b. Sasatoan
c. Pakakas
d. Dahareun
Jawaban: a
13. Meli Melak Kembang Melati.
Nu jadi caritana dina eta kalimah nyaéta...
a. Meli
b. Melak
c. kembang
d. Melati
Jawaban: b
14. Mamah nyimpen buku ... erak.
a. Ku
b. Ka
c. Ti
d. dina
Jawaban: d
15. ... Naon dijieuna cocooan eu teh mang’?
a. nu
b. Tina
c. ka
d. tina
Jawaban: b
16. Cicing ... iuh atuh ulah papanasan
a. nu
b. na
c. Ka
d. keur
Jawaban: b
17. “Ema, punten nyungkeun dukuh tilu !”
Kalimah diluhur mangrupakeun kalimah....
a. Bewara
b. Pamenta
c. Panyeluk
d. Panyarek
Jawaban: b
18. Hidep hayang kueh ti Mamat.
Kalimah pamentana nyaeta....
a. Mamat abdi nuhun keun kueh!
b. Mamat Abdi menta kueh!
c. Abdi menta kueh!
d. Mamah menta kueh!
Jawaban: a
19. “Yadi cikan ngasaan ganas teh,amis hante”
Tanda baca anu tepat keun diakhir kalimah nyaeta
a. !
b. ?
c. “
d. .
Jawaban: b
20. Kalimah paménta diucapken lamun urang rék...barang.
a. Mawa
b. Meuli
c. menta
d. miboga
Jawaban: c