ilustrasi pelajar (pexels.com/Mulya Has)
31. “Saha guru olahraga di sakola teh?”
Jawaban nu lengkap tur merenah pikeun pananya di luhur nyaeta….
A. Di sekola
B. Guru olahraga di sakola teh Pak Yosef
C. Olahraga
D. Aya di kantor
Jawaban: B
32. Anjuran hemat energi diantarana bisa ditepikeun dina poster.
Poster biasana ditempelkun di tempat….
A. Anu rame
B. Dinu tiiseun
C. Di sisi jalan
D. Di sisi walungan
Jawaban: A
33. BBM singgetan tina….
A. Bahan Bakar Modern
B. Bahan Bakar Minyak
C. Bahan Bakar Listrik
D. Bahan Bakar
Jawaban: B
34. Pupujian hartina muji kana kaagungan .....
A.Sato
B.Manusa
C.Guru
D.Gusti
Jawaban: D
35. Pakarang pusaka urang sunda mah ngarana...
A. Bedog
B. Terlambat
C. Kujang
D. Kijang
Jawaban: C
36. Rizki indit ka sakola.... sebab imahna deket.
A. Naek motor
B. Naek angkot
C. Ngapung
D. Leumpang
Jawaban: D
37. Beuheungna panjang sarta dina tonggongna miboga punduk (aya nu pundukna hiji, ogé nu pundukna dua). Biasana ieu sato sok dipaké ngangkut. Hirupna di wilayah gurun kayaning Arab. Ngaran satona nyaéta…..
A. Kuda
B. Onta
C. Nyiruan
D. Meri
Jawaban: B
38. Regepkeun pupujian di handap ieu!
Karasana keur sakrat
Nyeurina kaliwat-liwat
Tara ngalakukeun sholat
Kana Ibadah....
Kalimah anu saluyu dina ngaleungkapan pupujian diluhur nyaeta....
A. Diliwat
B. Campoleh
C. Lalaora
D. Talangke
Kunci jawaban: A
39. Sumber energi listrik nu diolah dina uap disebutna....
A. PLTA
B. PLPG
C. PLTU
D. PLTN
Jawaban: C
40. Kalimah ieu ngandung kecap di rarangkenan tukang keun nyaeta....
A. Jang Adun eraeun datang ka sakola kabeurangan
B. Geura asupkeun sapedah teh bisi aya nu nyokot
C. Urang kudu ibadah bawaeun ka akherat
D. Sing leukeun ari diajar teh
Kunci jawaban: B.
41. Tukang nyieun korsi, lomari, meja jeung sajabana disebut...
A. Tukang meubeul
B. Tukang bani
C. Panda
D. Sopir
Jawaban: A
42. Leumpangna maké beuteung jeung sok luar léor, teu miboga suku, miboga racun, lamun macok bisa nyababkeun maot. Ngaran satona nyaéta…..
A. Hayam
B. Oray
C. Hileud
D. Monyét
Jawaban: B
43. Pramugari nyaeta .....
A.Tukang ngajalankeun kapal laut
B.Tukang ngajalankeun kareta api.
C.Tukang ngapungkeun pesawat terbang
D.Juruladen dina pasawat terbang
Jawaban: D
44. Kecap nu ngagunakeun rarangken "pang...na" nyaéta....
A. Pangdeukeutna
B. Kadeudeuh
C. Kaduhung
D. Pangarti
Jawaban: A
45. Ieu barang biasa sok digunakeun pikeun barang hiburan jeung informasi keur balaréa, wangunnana pasagi. Aya bagéa nu disebutna layar pikeun ninggalikeun gambar. Salian ti éta ogé ngaluarkeun sora. Barang ieu ogé sok disebut pakakas média massa. Pakakas anu di caritakeun diluhur ngaranna ...
A. Las
B. Kabel
C. Kalkulator
D. Tipi
Jawaban: D
46. Bumi, langit, jeung eusina di damel ku....
A. Malaikat
B. Alloh SWT
C. Dewa
D. Jin
Jawaban: B
47. "Kuring nyeri beuteung sanggeus neda bala-bala ti isuk."
Kecap "neda" dina kalimah éta hartina....
A. Masak
B. Dahar
C. Nginum
D. Meuli
Jawaban: B
48. Pupujian biasana dipupuhkeun sanggeus....
A. Ngaji
B. Solat
C. Azan
D. Bubuk
Jawaban: C
49. "Sabaraha.... nu aya di kelas téh?"
A. Ujang
B. Jalma
C. Meja
D. Makanan
Jawaban: C
50. "Sanggeus hujan gede, jalan téh jadi...."
A. Beueus
B. Garing
C. Heurin
D. Lalay
Jawaban: A
Dengan banyak berlatih, kamu akan siap menghadapi UTS Bahasa Sunda. Kalau kamu sudah berusaha maksima, hasil usahamu gak akan mengkhianatimu, kok. Semangat mengerjakan UTS Bahasa Sunda, ya. Kamu pasti bisa!