Isra hartina perjalanan ti Masjidil Haram di Mekah ka Masjidil Aqsa di Palestina. Sedengkeun Miraj hartina perjalanan ti Masjidil Aqsa ka langit katilu nepika Sidratul Muntaha. Dina perjalanan ieu, Nabi Muhammad SAW nampi perintah salat lima waktu langsung ti Allah SWT. Ieu peristiwa nuduhkeun yen solat teh ibadah anu penting pisan dina kahirupan urang salaku umat Islam.
Ku sabab kitu, urang sadaya kedah ngarasa syukur sareng wajib ngalaksanakeun salat lima waktu kalayan istiqamah. Salat teu wungkul mangrupa wujud ibadah ka Allah SWT, tapi oge minangka sarana pikeun mendekatkeun diri ka-Na sareng ngajaga kahirupan urang ti sagala hal anu teu hade.
Hadirin anu dipikahormat,
Dina hikmah Isra Miraj ieu, urang tiasa diajar kumaha pentingna iman sareng taqwa ka Allah SWT. Sanajan perjalanan Isra Mikaj teu tiasa dijelaskeun ku akal manusia, Nabi Muhammad SAW sareng para sahabat anu taat henteu ragu pikeun percanten kana kajadian ieu. Ieu ngajarkeun urang pikeun salawasna percanten kana sagala parentah Allah sareng ajaran Islam.