Khutbah Idul Adha Bahasa Sunda

- Khutbah Idul Adha disampaikan dalam bahasa Sunda di daerah Jawa Barat
- Khutbah mengajak umat Islam untuk memperkuat iman dan ketakwaan, serta menjelaskan pentingnya ibadah kurban
- Idul Adha merupakan momen untuk menguatkan nilai pengorbanan, solidaritas sosial, dan tawakal kepada Allah
Idul Adha adalah salah satu hari raya penting dalam Islam yang diperingati oleh umat Muslim di seluruh dunia. Momen ini tidak hanya menjadi waktu untuk beribadah dan berkurban, tetapi juga menjadi kesempatan bagi umat Islam untuk memperkuat iman dan ketakwaan.
Salah satu tradisi yang selalu dilakukan pada hari raya ini adalah menyimak khutbah Idul Adha yang biasanya disampaikan dalam berbagai bahasa tergantung daerahnya, termasuk bahasa Sunda di daerah Jawa Barat. Berikut ini akan disajikan contoh khutbah Idul Adha dalam bahasa Sunda sebagai salah satu referensi yang dapat dijadikan pedoman dalam memahami makna dan nilai-nilai hari raya ini.
1. Khutbah Idul Adha Basa Sunda

Allohu Akbar, Allohu Akbar, Allohu Akbar.
Allohu Akbar, Allohu Akbar, Allohu Akbar.
Allohu Akbar, Allohu Akbar, Allohu Akbar.
Allohu Akbar kabîran, walhamdu lillâhi katsîran, wa subhânallâhi bukratan wa ashîlâ.
Lâ ilâha illallôh wahdah, shodaqa wa’dah, wa nashara ‘abdah, wa a’azza jundah, wa hazamal ahzâba wahdah.
Lâ ilâha illallôh walâ na’budu illâ iyyâh, mukhlishîna lahud-dîna walau karihal kâfirûn.
Lâ ilâha illallôh, wallôhu Akbar.
Allôhu Akbar wa lillâhil hamd.
Alhamdu lillâhi Hâkimi al-hukkâm, jâ’ili an-nûri wa azh-zhulâm, wa ja’ala hâdzal yauma ‘îdan lil-islâm, wa harrama ‘alainâ ash-shiyâm.
Asyhadu allâ ilâha illallôh wahdahu lâ syarîka lah, alladzî amarana bidzabîhati al-qurbân, ittibâ’an li sayyidinâ Ibrâhîm ‘alayhis sholâtu was salâm.
Wa asyhadu anna sayyidanâ wa nabiyyinâ Muhammad(an) ‘abduhû wa rasûluh, afdholu al-anâm wa mishbâhu azh-zhulâm.
Allôhumma shalli wa sallim wa bârik ‘alâ sayyidinâ Muhammad wa ‘alâ âlihi wa ash-hâbihil kirâm, sholâtan wa salâman dâ’imaîni mutalâzimaîni ‘alâ mamarrid-duhûri wal-ayyâm.
Amma ba’du, fa yâ ‘ibâdallâh, ittaqullâha wa athî’ûh, wa kabbirûh, wa tafakkarû fî ni’ami rabbikum wasykurûh, wadzkurû âlâ’allâh wa tahaddatsû bifadhlihî walâ takfurûh.
Qôlallôhu ta’âlâ fî al-Qur’ân al-‘azhîm:
Innâ a’thainâkal kautsar, fa shalli li rabbika wanhar, inna syâni’aka huwal abtar.
Shodaqallôhul ‘azhîm.
Allohu Akbar, Allohu Akbar, Allohu Akbar,
Lâ ilâha illallôh, wallôhu Akbar,
Allohu Akbar wa lillâhil hamd.
Hadirin jamaah shalat Idul Adha anu dirahmati ku Alloh Swt
Syukur alhamdulillah, urang sadayana dipaparin kasehatan ku Gusti Alloh Swt sahingga dina dinten ieu urang tiasa patepang kanggo ngalaksanakeun shalat Idul Adha dina ieu tempat anu berkah. Mugia, langkah urang ti bumina masing-masing ka ieu tempat sing janten amal kasaéan dina yaumil qiyamah.
Idul Adha mangrupikeun salah sahiji poe anu istimewa. Sabab, urang sadayana diparéntah ku Alloh Swt sakaligus janten wujud katundukan sinareng kapasrahan urang ka Alloh, nyaeta motong hewan kurban.
Firman Alloh Swt dina Al-Qur'an surat Al-Kautsar ayat 2:
Fa shalli li rabbika wanhar.
Hartina: “Pek geura sholat anjeun ka Pangeran anjeun, sarta sembelih kurban.” (QS. Al-Kautsar: 2)
Numutkeun mazhab Syafi’i, motong hewan kurban téh hukumna sunnah muakkadah. Hartina sunnah nu dikukuhkeun, malahan imam madzhab anu sanes mah aya nu ngawajibkeun. Hukum wajib éta dumasar kana dalil dawuhan Kanjeng Rasul:
Man kâna lahu sa’ah falam yudhahhi fa lâ yaqrabanna mushallânâ.
Hartina: “Sing saha jalma anu gaduh kamampuhan (kanggo kurban), tapi teu ngalaksanakeun, maka ulah reueus deukeut-deukeut ka tempat sholat kami.”
Kulantaran kitu, tos salayakna tur sapantesna keur jalma anu gaduh kamampuhan mah pikeun ngalaksanakeun kurban.
Hadirin jamaah shalat Idul Adha anu dirahmati ku Alloh Swt
Kurban anu dilaksanakeun ku umat Islam dina dinten lebaran Idha ieu, salian ti wujud kapatuhan sareng kapasrahan ka Alloh, ogé minangka tarekah keur ngadeukeutkeun diri ka Mantenna, sarta ngandung rupa-rupa hikmah anu kalintang ageungna pikeun kamaslahatan umat manusa.
Di antara hikmah éta nyaeta:
Nulad kana kasabaran Nabi Ibrâhîm sareng Nabi Ismâ’îl dina narima parentah Alloh.
Ngahirupkeun kadarmawanan, kamanusaan, sikap silih tulungan, rereongan, silih pikanyaah, sareng kasih sayang papada jalmi.
Ngahirupkeun sumangat korban.
Hikmah nu kahiji, nyaeta nulad kasabaran oge kataatan Nabi Ibrâhîm sareng Nabi Ismâ’îl dina nampi cobaan sareng parentah Alloh. Sakumaha dinyatakeun dina Al-Qur’an yén Nabi Ibrâhîm teu acan dipaparin anak sanajan parantos sepuh. Ku sabab éta, anjeunna teras-terasan ngadoa:
Robbi hab lî minas shâlihîn.
Hartina: “He Pangeran abdi, paparin abdi anak anu shalih.” (QS. As-Shaffât: 100)
Akhirna Alloh ngijabah kana doana. Siti Hâjar—istrina Nabi Ibrâhîm—kakandungan, lajeng ngalahirkeun saurang anak lalaki anu soleh tur sabar. Kasolehan sareng kasabaran putrana katingali jelas nalika Nabi Ibrâhîm nampi parentah ngurbankeun anakna. Ieu ogé disebutkeun dina Al-Qur’an:
Fa lammâ balagho ma’ahus sa’ya qôla yâ bunayya innî arâ fîl manâmi annî adzbahuka fandhur mâdzâ tarâ. Qôla yâ abatif ‘al mâ tu’mar, satajidunî in syâ-Allôh minash shâbirîn.
Hartina: “Maka tatkala anak éta geus nyorang umur usaha (bisa diajak), Nabi Ibrâhîm ngomong: ‘Anaking, abdi ningali dina impian yen abdi kedah nyembelih anjeun. Kumaha pamadegan anjeun?’ Anakna ngawaler: ‘Wahai Rama, laksanakeun naon anu parantos diparéntahkeun ka anjeun. Insyaa Alloh, anjeun bakal manggihan abdi kaasup jalma-jalma anu sabar.’” (QS. As-Shaffât: 102)
Ngurbankeun murangkalih anu meujeuh lucu-lucuna, anu sakumaha riwayat nyarios yén Ismail waktu harita yuswa 9–11 taun, tangtos teu gampang pikeun nu lami ngadambakeun gaduh anak. Tapi Nabi Ibrohim mah henteu kitu. Eta parentah Alloh ditampi kalayan pinuh karidhoan tur kataatan. Sikap sapertos kitu moal mungkin muncul iwal tina kaimanan total ka Alloh dina manahna, yén eta parentah téh ujian pikeun dirina sarta kasadaran yén murangkalihna ogé mung saukur titipan. Dirina sadar yén manusa téh ukur sasampiran, awak ogé sasampayan, teu aya nu bisa miboga sagalana.
Nanging, salaku sepuh anu bijak, Nabi Ibrohim ngarundingan heula ka murangkalihna. Hiji sikap picontoeun pikeun para kolot pikeun musyawarah sareng anak dina perkara penting.
Nalika Nabi Ibrohim tos siap bade meuncit murangkalihna, Alloh saenggalna ngagentos Ismail ku hiji domba anu ageung. Sakumaha disebut dina Al-Quran:
"Wa fadaynaahu bidzibhin 'azhiim."
Hartosna:
“Jeung Kami ganti anak eta ku hiji peupeuncitan anu gede.”
(QS ash-Shaffat: 107)
Di dieu pisan kapasrahan sareng katundukan Nabi Ibrohim sareng Nabi Ismail dina nampi sareng ngalaksanakeun parentah Alloh janten conto istimewa pikeun urang sadayana. Ku hal éta, ngalangkungan lebaran Idul Adha ieu, khotib ngajak ka sadayana: hayu urang nyonto Nabi Ibrohim sareng Nabi Ismail dina nampi jeung ngalaksanakeun parentah Alloh kalayan pinuh ku kapasrahan sareng kataatan.
Allohu Akbar (3x), Laa ilaaha illallohu wallohu akbar, Allohu akbar wa lillaahil hamd.
Hadirin jamaah shalat Idul Adha anu dirahmati ku Alloh Swt.,
Hikmah ibadah kurban anu kadua nyaeta ngahirupkeun sikap saling mantuan, rereongan antara sasama manusa, khususna sesama Muslim. Cindekna, motong hewan kurban ulah ditingali samata-mata tina motongna wungkul. Tapi kedah ditingali yén pamotongan téh simbol kadermawanan sareng solidaritas sosial nu aya di antara umat Islam.
Sing emut kana dawuh Kangjeng Rosul saw.:
"Matsalul mu’miniin fii tawaddihim wa taraahumihim wa ta’aathufihim kamatsalil jasadi."
Hartosna:
“Perumpamaan jalma-jalma mu’min dina hubungan silih pikanyaah jeung silih asih lir ibarat hiji awak.”
(HR al-Bukhari-Muslim)
Kangjeng Rosul parantos nyontokeun pentingna solidaritas antara sesama Muslim, di antaranya ku silih bantu antara sahabat Muhajirin jeung Anshar. Malah mah para sahabat Anshar leuwih ngutamakeun kabutuhan sahabat Muhajirin tinimbang kabutuhanana sorangan:
"Wa yu’tsiruun 'alaa anfusihim walau kaana bihim khasooshah."
Hartosna:
“Jeung maranehna leuwih ngutamakeun (kabutuhan sahabat Muhajirin) tinimbang diri maranehna, sanajan maranehna sorangan butuh.”
(QS al-Hasyr: 9)
Tah kalintang saena, upami kurban urang oge disumbangkeun ka jalmi-jalmi anu meryogikeun, sapertos wargi-wagi urang nu aya di Palestina atanapi nu kena musibah bencana. Tangtos eta bakal saalit ngaringankeun kasusah oge kapayahan aranjeuna. Kurban urang tiasa disalurkeun ka lembaga-lembaga anu amanah supados tiasa dugi ka aranjeuna.
Allohu Akbar (3x), Laa ilaaha illallohu wallohu akbar, Allohu akbar wa lillaahil hamd
Hadirin jamaah shalat Idul Adha anu dirahmati ku Alloh Swt.,
Hikmah ibadah kurban anu katilu nyaeta ngahirupkeun sumanget korban, hususna di kalangan kaum Muslimin. Sabab, tanpa pangorbanan, teu mungkin urang tiasa ngahontal perkara anu dipikaharep. Ningali kana mangsa nu parantos kaliwat, kamerdikaan nagara urang henteu leupas tina jerih payah sareng pangorbanan para pajuang. Kitu ogé nalika urang hayang ngahontal rida Alloh Swt.
Mudah-mudahan, urang tiasa metik pelajaran tina Lebaran Adha ieu, pikeun:
Ngaronjatkeun katakwaan sareng kataatan ka Alloh,
Ngawangun sikap rereongan antawis papada manusa,
Ngagedekeun sumanget pangorbanan demi ngahontal rida Alloh Swt.
Amin yaa Robbal ‘aalamiin.
Baarokallohu lii wa lakum fil Qur-aanil ‘azhiim, wa nafa’anii wa iyyakum bimaa fiihi minal aayaati wadz dzikril hakiim. Wataqobbalalloohu minnii wa minkum tilaawatah, innahuu Huwas Samii’ul ‘Aliim. Aquulu qoulii haadzaa wa astaghfirulloohal ‘azhiim lii wa lakum, wa lisaairil muslimiina wal muslimaat, wal mu’miniina wal mu’minaat. Fastaghfirooh, innahuu Huwal Ghofuurur Rohiim.
2. Khutbah Idul Adha Basa Sunda

Allohu akbar, Allohu akbar, Allohu akbar.
Allohu akbar, Allohu akbar, Allohu akbar.
Allohu akbar, Allohu akbar, Allohu akbar.
Allohu akbar kabiiron, walhamdulillaahi katsiiron, wa subhaanalloohi bukrotan wa ashiilaa.
Laa ilaaha illalloohu wahdah, shodaqo wa'dah, wa nashara 'abdah, wa a'azza jundah, wa hazamal ahzaaba wahdah.
Laa ilaaha illallooh, walloohu akbar. Allohu akbar wa lillaahil hamd.
Alhamdulillaahi alladzii kholaqaz zamani wa fadhdola ba’dohu ‘ala ba’din, fakhossa ba’dasy syuhuuri wal ayyaami wal layali bimaazaayaa wa fadloilin yu’azzhimu fiihaa al-ajru wal hasanaat.
Asyhadu allaa ilaaha illalloohu wahdahuu laa syariikalah, wa asyhadu anna sayyidanaa Muhammadan ‘abduhu wa rosuuluh, ad-daaiy biqoulihi wa fi’lihi ilar rasyad.
Alloohumma sholli wasallim ‘alaa ‘abdika wa rosuulika Muhammadin wa ‘alaa aalihi wa ash-haabih, hudaatal anaami fii anhaa-il bilaad.
Amma ba’du.
Fayaa ayyuhan naasu, ittaqulloha ta’aalaa bi fi’lit thoo’aat.
Qoolalloohu ta’aalaa fii kitaabihil kariim:
“Innaa a’thoynaakal kawtsar. Fasholli lirobbika wanhar. Inna syaani-aka huwal abtar.”
Puji sareng syukur urang sanggakeun ka Dzat Alloh anu Maha Ghafuur. Shalawat sareng salam mugi salawasna didugikeun ka Kanjeng Nabi Muhammad Saw., ogé ka kulawargana, sahabatna, sareng mugia nepi ka urang sadaya salaku umatna.
Allohu Akbar (3x)
Hadirin rahimakumullah,
Sakali deui, puji sareng syukur urang sanggakeun ka Allah Swt., Dzat Nu Maha Pangampura (Ghofur). Mugi urang sadaya salawasna janten jalma nu syukur kana nikmat-Na, sareng dipaparin istiqomah dina iman jeung Islam. Sholawat sareng salam mugi salawasna tercurah ka junjunan urang Nabi Muhammad Saw, ka para kulawargana, sahabatna, sarta ka urang sadaya salaku umatna anu satia kana sunnah-sunnahna.
Hadirin jamaah Iduladha nu dimulyakeun Allah,
Dina ngajalankeun ajaran agama Islam, urang kudu sok husnudzon ka Allah Swt. Hartina, ulah sok suudzon kana parentah Allah, sabab sagala nu Allah parintahkan tangtuna pikeun maslahat jeung kahadéan urang sorangan. Contona dina syariat puasa. Sanajan ti isuk nepi ka magrib urang henteu dahar, teu nginum, tapi puasa henteu bakal ngabalukarkeun mudharat. Lamun aya halangan saperti gering atawa keur perjalanan, Islam masihan rukhsoh, atawa keringanan.
Ku kituna, jelas pisan yen ajaran agama teh salawasna miara kasalametan jiwa jeung raga. Unggal parentah Allah, pasti aya hikmah jeung kauntunganna. Sedengkeun lamun urang ngalalaworakeun ajaran agama, pasti bakal cilaka.
Salah sahiji buktina bisa urang tingali dina carita Nabi Ibrohim alaihissalam, nalika anjeunna ninggalkeun Siti Hajar jeung putrana Ismail di hiji tempat gersang nu henteu aya tutuwuhanna, caket Baitullah. Tapi anjeunna henteu leungit harepan. Anjeunna henteu ngeluh. Anu dilakukeun ku Nabi Ibrohim téh ngan saukur ngadoa ka Allah supaya kulawargana dipaparin kasejahteraan jeung ditarima ku masyarakat, ogé dijadikeun jalma-jalma nu istiqomah dina salat jeung syukur.
Allah nyebutkeun dina Al-Qur’an surat Ibrahim ayat 37:
Robbanaa innii askantu min dzurriyyatii biwaadin ghoiri dzi zar’in ‘inda baitikal muharram. Robbanaa liyuqii mushsholaata faj’al af’idatan minannaasi tahwii ilaihim warzuqhum minats tsamaraati la’allahum yasykuruun.
(“Nun Gusti Pangeran abdi sadaya, saestuna abdi parantos nempatkeun sabagian turunan abdi dina hiji lengkob nu henteu aya tutuwuhanna, deukeut ka bumi Gusti (baitullah) anu dimulyakeun. Gusti, mugia maranehna daék ngadegkeun salat, sareng mugia haté jalmi-jalmi katarik ka tempat éta, sarta maparin rizki ka maranehna tina bubuahan, supaya maranehna muji sukur.”)
Ieu doa janten bukti yén husnudzon ka Allah téh tangtuna dibales ku karunia luar biasa: sumur zamzam, kaamanan, jeung kabeungharan tempat éta nepi ka ayeuna.
Allohu Akbar (3x)
Hadirin rahimakumullah,
Tingali kumaha kasatiaan Nabi Ibrohim As kana parentah Allah. Kusabab kitu, kulawargana dipaparin kasalametan jeung kahormatan ku Allah. Ismail salamet, ibuna ogé salamet, malah sumur zamzam nu muncul minangka bukti kanyaah Allah téh masih aya nepi ka ayeuna.
Allohu Akbar (3x)
Terus, waktu Ismail geus nincak umur rumaja, datang deui ujian ka Nabi Ibrohim. Allah miwarang anjeunna nyembelih putrana sorangan, Ismail. Tapi ku sabab ketaatanana tanpa ragu, Allah ganti Ismail ku domba nu ageung ti sawarga. Ieu diabadikeun dina Al-Qur’an surat As-Shoffat ayat 106-107:
Inna haadzaa lahuwal balaa’ul mubiin. Wa fadaynaahu bidzibhin ‘azhiim.
(“Saestuna ieu teh cocoba anu tetela, jeung Kami geus ngaganti manehna ku peupeuncitan anu gede.”)
Ti ieu kajadian lahirna sunnah kurban anu urang lakukeun unggal taun. Mangpaatna luar biasa, hususna pikeun masarakat nu butuh jeung jalma miskin, anu ku kurban bisa nampa bagian daging anu jarang dirasakeun dina waktu séjén.
Hadirin nu dimulyakeun ku Allah,
Conto parentah séjén ti Allah nu loba mangpaatna nyaéta nikah. Islam ngajarkeun yen nikah téh jalan pikeun miara diri, ngajaga pandangan jeung farji, sarta mijahan kahirupan rumah tangga anu berkah. Sanajan aya jalma nu ngarasa teu boga harta, Islam ngajamin rezeki bakal dibukakeun ku Allah lamun urang daék usaha jeung yakin.
Allah firman dina surat An-Nur ayat 32:
Wa ankihul ayaamaa minkum washshoolihiina min ‘ibaadikum wa imaaa’ikum. Inyakuunuu fuqaraa yughnihimullahu min fadlih. Wallahu waasi’un ‘aliim.
(“Geura kawinkeun jalma-jalma anu taya pasangan di antara maraneh, jeung hamba-hamba maraneh nu soleh. Lamun maranehna fakir, Allah tangtu ngajadikeun maranehna mampuh tina kajembaran-Na, sarta Allah téh Maha Jembar deui Maha Nyaho.”)
Kaopat, salah sahiji ajaran Islam nu kacida maslahahna pikeun hirup urang sapopoe nyaéta takwa jeung tawakal ka Allah. Dina kahirupan pasti aya pasualan, aya uji coba, aya kasusah boh lahir boh batin. Tapi urang ulah gimir. Sabab Allah geus jangji, dina unggal kasusah pasti aya kabungah.
Ieu dijelaskeun dina Al-Qur’an surat Al-Insyirah ayat 5-6:
Fa-inna ma’al ‘usri yusroo. Inna ma’al ‘usri yusroo.
(“Saenyana dina kasusah aya kabungah, jeung saenyana dina karipuh aya kasenangan.”)
Ayat ieu negeskeun yen dina unggal ujian hirup, pasti aya jalan kaluar lamun urang sabar jeung yakin kana pitulung Allah. Moal salilana kasusah téh ngajiret hirup urang — bakal aya kahadean anu nuturkeunana.
Saterusna, dina surat Ath-Thalaq ayat 2-3, Allah jangji deui:
Wa man yattaqillaha yaj’al lahu makhrojaa. Wa yarzuq-hu min haitsu laa yahtasib. Wa man yatawakkal ‘alallahi fa huwa hasbuh.
(“Saha bae nu takwa ka Allah, Allah bakal nyayagikeun jalan kaluar pikeun anjeunna. Jeung bakal dibere rejeki tina jalan anu teu disangka-sangka. Jeung saha anu tawakal ka Allah, tangtu Allah cukup pikeun anjeunna.”)
Kitu lembutna kahadean Allah ka hamba-hamba-Na. Asal urang tetep dina jalur takwa, moal aya kasusah nu bakal ngajadikeun urang leungit harepan. Sabalikna, malah bakal datang pitulung jeung rizki ti Allah tina arah nu teu diduga-duga.
Hadirin nu dimulyakeun ku Allah,
Ku sabab kitu, dina momen Iduladha ieu, urang kudu nguatkeun deui katakwaan jeung husnudzon ka Allah. Sakumaha Nabi Ibrohim As nu salawasna nurut jeung percaya kana sagala parentah Allah, urang ogé kuduna ngalakukeun hal anu sarupa.
3. Khutbah Idul Adha Basa Sunda

Allahu akbar, Allahu akbar, Allahu akbar.
Allahu akbar, Allahu akbar, Allahu akbar.
Allahu akbar, Allahu akbar, Allahu akbar.
Allahu akbar kabīrā, walhamdu lillāhi katsīrā, wa subhānallāhi bukratan wa ashīlā.
Lā ilāha illallāhu wahdah, shadaqa wa'dah, wa nashara 'abdah, wa a'azza jundah, wa hazamal ahzāba wahdah.
Lā ilāha illallāhu wallāhu akbar, Allahu akbar wa lillāhil hamd.
Alhamdulillāhil ladzī khalaqaz zamāna wa faddala ba’dahu ‘alā ba’d, fakhassha ba’das syuhūri wal ayyāmi wal layāli bimażāyā wa faḍāil, yu’azhzhomu fīhāl ajru wal hasanāt.
Asyhadu allā ilāha illallāh wahdahū lā syarīka lah, wa asyhadu anna sayyidanā Muhammadān ‘abduhū wa rasūluh, ad-dā’ī bi qawlihī wa fi’lihī ilar-rasyād.
Allāhumma shalli wa sallim ‘alā ‘abdika wa rasūlika Muhammad, wa ‘alā ālihi wa ashḥābihi hudātin anām fī anḥā’il bilād.
Amma ba’du,
Fayā ayyuhan-nāsu, ittaqullāha ta’ālā bifilith-thā’āt.
Qālal lāhu ta’ālā fī kitābihil karīm:
Innā a’tainākal kautsar. Fa shalli li rabbika wanhar. Inna syāni’aka huwal abtar.
Sadaya puji kagungan Allah Rabbul Alamin.
Sholawat sinareng salam mugia salamina tetep dilimpahkeun ka jungjunan urang sadayana, Nabi Muhammad SAW, oge ka kulawargina, ka para sahabatna, sareng ka sadaya pengikutna dugikeun ka akhir zaman.
Dina kasempatan Idul Adha ieu, simkuring salaku khotib, wasiat khususna ka diri pribadi sareng umumna ka sadaya jalma mukmin: Hayu urang sami-sami taqwa ka Allah SWT kalayan kataqwaan anu sabener-benerna. Jeung urang ulah maot kecuali dina kaayaan Islam.
Para hadirin kaum Muslimin rahimakumullah,
Idul Adha anu selalu dirayakeun dina satiap taun maparin mangpirang-pirang hikmah ka urang sadayana, boh sacara pribadi, boh sacara bermasyarakat.
Idul Adha anu aya dina sasih Dzulhijah ngajarkeun ka urang pengajaran ngeunaan tauhid jeung kataatan, dimana dina sasih Dzulhijah ieu, rupi-rupi ibadah dijanjikeun kautamaan anu kacida agungna.
Dina sasih ieu seueur pisan kautamaan ibadah, utamina dina sapuluh poe kahiji, boh dzikirna, boh puasana, boh sedekahna, nu saterasna ditutup ku penyembelihan hewan kurban saparantosna Idul Adha.
Sakumaha kaunggel dina hadits ti Ibnu 'Abbas radhiyallahu 'anhu, anjeuna nyarios:
"Rasulullah shallallahu ‘alaihi wasallam ngadawuh, ‘Teu aya amalan shalih anu leuwih dipikanyaah ku Allah salian amal di sapuluh poe ieu (sapuluh awal Dzulhijjah).'
Sahabat tumaros: ‘Wahai Rasulullah, sanajan jihad fi sabilillah?'
Rasulullah ngawaler: ‘Sumuhun, sanajan jihad fi sabilillah, iwal jalma anu angkat jihad kalawan jiwa sareng hartana teras henteu mulang deui mawa nanaon." (HR. Al-Bukhari)
Kautamaan sanesna nyaeta puasa Arafah, nyaeta puasa dina tanggal 9 Dzulhijjah, dinten sateuacan Idul Adha, pikeun jalmi-jalmi anu henteu ngalaksanakeun haji. Puasa Arafah teh mangrupikeun amalan anu ngagaduhan kautamaan luar biasa sarta kaasup sunnah muakkadah, nyaeta sunnah anu kacida dianjurkeunna.
Dina hadits anu diriwayatkeun ku Imam Muslim ti Abu Qatadah rahimahullah, Nabi Shallallahu 'alaihi wa sallam ngadawuh:
"Berpuasa pada hari Arafah karena mengharap pahala dari Allah, melebur dosa-dosa setahun sebelum dan sesudahnya."
Sasih Dzulhijah oge sering disebat bulan haji, sabab dina sasih ieu dilaksanakeun puncakna ibadah haji: Idul Adha atanapi Lebaran Haji. Sanes hartosna lebaran ieu khusus keur jalmi anu parantos haji, nanging sasarengan sareng pelaksanaan ibadah haji di Mekkah, umat Islam di sakuliah dunya ngalaksanakeun kurban sarta ngalaksanakeun ibadah saluyu jeung tuntunan sunnah Rasulullah SAW.
Para hadirin rahimakumullah,
Kaagungan Idul Adha anu sadayana, sasih anu pinuh ku kenangan anu myurambahan. Aya rasa kaduhung dina hate, anu teu tiasa diubaran ku rupa-rupa kasenangan, saparantos Idul Adha ngantunkeun urang. Kumaos, urang parantos ngamomorekeun kana kautamaan Yaumul 'Asyri (nyaéta sapuluh poé munggaran bulan Dzulhijjah). Urang parantos ngalalaworakeun unggal waktuna, ngalalaworakeun kamuliaanana, sareng ngalalaworakeun afdholna ibadah dina waktu-waktu éta.
Anging, salah sahiji anu janten harepan urang sadayana nyaéta: mudah-mudahan taun payun urang dipaparin kasempetan pikeun patepang deui sareng Idul Adha dina kaayaan laping dada sareng sehat wal afiat, sahingga tiasa ngalaksanakeun ibadah ka Allah kalawan sungguh-sungguh.
Amin, ya Rabbal Alamin.
Semoga khutbah Idul Adha ini dapat memperkuat iman dan menginspirasi kita semua untuk meneladani nilai pengorbanan dan ketakwaan. Mari kita manfaatkan momen suci ini untuk memperbaiki diri, mempererat tali silaturahmi, dan meningkatkan kepedulian terhadap sesama.